Ngaraos
parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di
leuweung.
Nu
dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain
Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh
munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa
dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung
Cupu.
Kacaturkeun
di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal,
ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu,
“Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah
torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék
Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap
deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang
daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala
lutung ka leuweung.
Aki
Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala,
leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung
lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki
Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal
peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék
disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah
disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang
betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur
atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa
ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka
dunya.
Lutung
Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang
rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala.
Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan
butuh keur pibujangeun.”
Nya
atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék
sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri,
ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu
ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang
nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér
mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar
nampik pasihan rama.”
Lutung
kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu
lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur
jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong
balé.
“Cing
Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih,
Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing
lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg
lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh
dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig
lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami
mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut
Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa
ku Purbasari.
“Éh
Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba
suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng,
tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas
haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun
di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup
welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang
Putri disirep.
“Utun,
urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah,
Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup
Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh,
deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu,
neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,”
gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan
digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan.
Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna,
leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh
tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék
Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan
jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara.
Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak,
beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak,
sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna
Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi
Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur
tandonna.
Ku
pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu
tanjakan téh laksana.
Tuluy
Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung
Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari
dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong,
jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir
anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi
Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa
ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan,
paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi
rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna
Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép
beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa,
kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari
éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk
kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu
sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun
raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya
ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari
ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang
jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah
dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu,
Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki
Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih
di Pasir Batang.
Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga,
spk.
0 komentar:
Posting Komentar